Jumat, 27 Juli 2012


Sasat jeujeuh diri teh urang Sunda puguh we salilana teu jauh ti sora kocapi, sora suling nu marengan sajeuroning hate. Geus kumna we meureun urang Sunda nu loba heureuy jeung carita, lumrah ayana. Pamadegan diri teh lain di aya-aya tapi asli kereteg hate nu geus teu bisa di bebenjokeun ku naon bae. Dumeh laku hirup euweuh nu menta tuda, gumeular ka alam dunya teh kabeneran lahir jadi urang Sunda.
Asa ku waas tuda geus lila hirup joledar kana sagalarupa sifat jeung martabat urang Sunda. Kamari mulang deui ka lembur…. pangangguran balik deui nyintreukan kocapi, balik deui niupan suling pelog nu salila ieu ngagantung we na paku nu cindek di kamar butut karuhun. Ret ka gamelan nu pinuh peledug hate ngarakacak lain bohong, rasa salah beuki manceuh joledar kabina-bina. Ngeng sora Ki Sunda nu baheula kungsi nyarita “Jang�! Rek saha deui nu ngamumule budaya urang iwal ti diri urang sorangan.”
Geubeug hate asa digeuingkeun, bray laku lampah hirup nu geus joledar ingkar tina tali paranti papagon hirup urang Sunda anu dzuhud, jujur, handap asor, hormat ka saluhureun, berehan ka sahandapeun, silih hargaan ka saumureun, mun nyarita ngentep seureuh, jauh tina sifat hiri dengki jail kaniaya, tapi berehan ka sasama.
Emmh… rumaos laku hirup teh geus jauh nyimpang tina papagon hirup nu geus di tangtukeun ku karuhun Ki Sunda. Teu karasa cipanon ngeclak teu kabendung…. waas balik deui kana lampah hirup nu saluyu jeung papagon hirup nu saestuna. Waas ku sagala harepan hirup nu teu bisa tuntas ngan saukur ku carita.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar